Category Archives: Cerita Basa Sunda

Struktur Adegan Pagelaran Wayang Golék


wayang golek

Struktur atawa runtuyan pagelaran wayang Golék sacara umum biasana saperti ieu di handap (Salmun, 1986: 185-190), nya éta:

1) Tatalu. Asal kecapna tina talu nu hartina ngamimitian (bubuka) nabeuh gamelan wayang ditembangan ku Juru Sindén, nu tujuanana pikeun ngumpulkeun heula nu lalajo (Danadibrata, 2002: 684). Dina waktu tatalu, dalang naék-naékeun sawatara wayang kana jagat. Jejer nu mimiti disebutna manggung, waktuna bada Isa.

2) Manggung. Biasana dalang nyokot salasahiji jejer, upama baé di Astina, di Amarta, atawa di Dwarawati. Nya di dieu mimitina mangkat téh, dalang ngawangun pilakoneun, upamana baé; rék ngalamar, rék ngawinkeun, rék nyusul nu leungit, rék nyiar tumbal nagara atawa naon baé.

3) Kadatonan. Raja anu tadi magelaran (tapa) téh balik ti paséban ka karaton. Biasana Prameswari katut para garwa sok dipaparin terang putusan séba tadi. Ti dieu Sang Raja kacaritakeun lamun aya hal nu pohara parnana, sok indit ka panyepén muja (semédi). Ku sawatara dalang ieu hal sok diliwat, dianggap henteu penting.

4) Gempungan. Kacaritakeun di luareun paséban ngatur pilakueun indit, ngajalankeun putusan di paséban tadi. Lamun bada magelaran, pamingpin di éta nagara ngatur sakumna para baladéwa jeung prajurit éta nagara luyu jeung hasil mupakatna.

5) Di nagara séjén. Biasana ratu buta, magelaran ngabarempagkeun anu cara putri anu kauni dina adegan II (Manggung) di luhur. Biasana sok tuluy ngutus patihna.

6) Patih ngatur balad. Ka nagara anu rék dijugjug téa, dipingpin ku salasaurang patih. Biasana buta pangkat tumenggung ngaranna téh sok maké “Kala” atawa “Jaya”.

7) Di pagelaran séjén. Lamun nu dina adegan II (Manggung) jejer Astina, ayeuna jejer Amarta atawa sabalikna, anu maksudna cara adegan II jeung adegan V (di nagara séjén).

8) Tatan-tatan, maksudna cara dina adegan IV (gempungan) jeung adegan VI (patih ngatur balad), malah biasana mah ku dalang sok diliwat baé, tara ngatur barisan deui, tapi dianggap enggeus. Continue reading Struktur Adegan Pagelaran Wayang Golék

Sejarah Wayang Golek


Rama Sinta Golek blepotan

Wangenan Wayang

Wayang asal kecapna tina bayang, nu hartina nya éta lalakon wangwangan adeg-pangadegna jelema boh lahirna boh batinna, diwujudkeun ku peta-peta modél wangwangan jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan saléndro, ditanceb-tancebkeun dina gebog cau (Danadibrata, 2006: 739). Ruhaliah (2002: 52) nétélakeun yén wayang asal kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, hyang nya éta déwa.

Wayang nya éta sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu diibaratkeun anu dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana, jsté. Dina pagelaran wayang, Ki Dalang biasana sok dipirig ku gamelan jeung sindén (KUBS, 1995: 561).

Wayang nya éta hiji wangun seni pagelaran dina wangun drama nu has, nu
ngawengku seni sora, seni sastra, seni rupa, seni musik, seni tutur, seni lukis jeung réa-réa deui (Pasha, 2011: 17). Nurutkeun Pranowo (2011: 1) wayang nya éta salasahiji wangun téater tradisional nu pangbuhunna.

Sajarah Wayang

Nurutkeun Mulyono (Pranowo, 2011: 1) wayang geus aya ti jaman Néolithikum, nya éta kira-kira 1500 saméméh maséhi. Wayang nya éta pintonan dina wangun téater tradisional nu pangbuhunna. Suryana (2002: 51) nétélakeun yén perkara wayang geus aya bukti tinulisna, nya éta dina prasasti Tambaga taun 840 M (762 saka). Dina éta prasasti ditulis ngeunaan hiji pagawéan nu hartina tukang wayang, dalang nu sebutanana aringgit. Kitu deui dina prasasti Ugrasena (896 M) dituliskeun ngeunaan pagelaran kasenian, salasahijina “parbwayang” atawa pagelaran wayang. Lian ti éta dina mangsa kakawasaan Raja Balitung, pagelaran wayang geus aya nu diguratkeun dina prasasti Balitung taun 907, kalimahna: “Sigaligi mawayang buat Hyang, macarita Bhima Kumara”. Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri, sing sawatek carita ma mémén tanya (Danasasmita, 1987: 83).

Hartina nya éta lamun hayang nyaho sakabéh carita saperti Damarjati,
Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma, Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sakabéh carita tanyakeun ka dalang (Danasasmita, 1987: 107).

Rassers (Pranowo, 2011: 3) nétélakeun yén pagelaran wayang Jawa lain
asli karya asli urang Jawa. Pagelaran wayang nu aya di Jawa nya éta hasil titiron nu geus aya di India. Di India geus aya pagelaran bayang-bayang mirip jeung pagelaran wayang di Jawa.

Schlegel (Pranowo, 2011: 3), méré sawangan yén dina kabudayaan Cina kuna aya pagelaran sarupa wayang. Dina waktu pamaréntahan Kaizar Wu Ti, kira-kira 140 saméméh maséhi, aya pagelaran bayang-bayang sarupa wayang. Tuluy ieu pagelaran sumebar ka India, tuluy ti India dibawa ka Indonesia. Pikeun ngadeudeulan ieu hal, dina majalah Koloniale Studien, saurang penulis méré sawangan ayana sasaruaan kecap antara basa Cina, Wayaah (Hokian), Wo-yong (Kanton), Woying (Mandarin), nu hartina pagelaran bayang-bayang, sarua jeung wayang dina basa Jawa. Continue reading Sejarah Wayang Golek

Sanghyang jeung Dangiang



ti Majalah Manglé No.2150

Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan henteu aya eureunna. Panyakit sarakah nerekab ka mana-mana. Tungtungna silih caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama lai  kaom lemah mah, rahayat leutik cacah kuricakan.

“Kuduna mah Kresna ti heula apal. Tapi buktina bodo balilu nataku. Teu bisa maca kaayaan alam dunya . Matak ti batan digugat ku batur, mending ku aing dulur saluhureun. Detik ieu kénéh geura écagkeun éta gelar batara!” ceuk Baladéwa.

“Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala rupina gumantung ka kersa déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja Triloka.”

Mun teu kitu buktikeun atuh, yén jelema nu ngaran Kresna téh enya-enya wawakil déwa di dunya. Saluyu jeung sesebutanana: Sri Batara Kresna.”

“Dupi carana?”

“Supaya alam dunya tengtrem ayem, dangiang jeung sanghyang kudu ngahiji!”

“Maksadna?”

“Resi Dorna ulah aya di Astina. Teuing kumaha carana, sina pindah ka Amarta!”

Ngadangu kasauran ingkang raka Baladéwa, Kresna ngahuleng sakedapan. Sababaraha kali naros jero manah, walereun anjeunna nyalira: naha atawa semet kayakinan tuang raka. Tapi boa enya, gerentesna. Buktina Pandawa jeung Kurawa, hésé pisan diakurkeunana. Mun lain kawas ucing jeung anjing, lir cai jeung minyak. Moal bisa dihijikeun.

Kitu-kitu émutanana gentos cangcaya. Naon patalina antara gelar anugrah paradéwa jeungkalakuan paraputuna Bharata. Duanana masing-masing. Nya kitu deui rupaning kajadian marcapada, kénéh-kénéh kersaning Jagat Déwata. Paralun gara-gara sanghyang jeung dangiang papisah béda nagara.

“Kumaha Kresna, sanggup atawa henteu? Mun teu sanggup, geura écagkeun ayeuna kénéh gelar batara,“ tambih dibarung tutunjuk sagala.

“Sanés soal sanggem atanapi henteu. Namung naha leres pangna alam dunya gétréng harénghéng téh, gara-gara Sanghyang Ismaya (Semar nu ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang Dorna (anu aya di Sokalima, Astina) papisah béda nagara?”

“Tong bulat-beulit, sanggup atawa henteu?”

“Sakali deui pangapunten, rupina tuang rai moal tiasa nyumponan kapalay salira.”

“Teu nanaon. Ngan sing boga kaéra. Jeung ulah hayang dipaksa, ayeuna kénéh écagkeun gelar batara ka Kresna. Leuwih hadé Kresna ulah aya di dunya.”

“Aéh-aéh naha jadi ka dinya léosna, “ saurna, Kresna kagét ningali Prabu Baladéwa langsung ngagegesek dampal panangan kiwa jeung tangen.

“Nanaonan Kakang éta téh,” niatna badé ngahalangan laku rakana. Hanjakal elat, margi tina dampal panangan Prabu Baladéwa, kabujeng bijil cahaya pikaserabeun. Disusul burinyayna tanda pakarang sakti Nenggala, sumping nyumponan pangangkir dununganana. Continue reading Sanghyang jeung Dangiang

Lalakon Subali


http://majalah-mangle.com/content/detail/171.html

Ku Ki Jatnika

Hiji

DULUR jeung dulur adu jajaten. Adi jeung lanceuk naker wewesen. Itu teuneung, ieu ludeung der tarung anggeus-anggeusan. Karek pungkas upama salasaurang perlaya. Kasebut masih keneh aya sesa nyawa, cadu mungkur, haram ngejat, kajeun ngalungsar bari banusan, raga paturay jeung nyawa. Balukar leuweung salelewek Nagri Kiskenda, lir dicacar bolang. Tatangkalan bra-bru rarubuh, digarulung ku nu tarung…

Matak watir eusi leuweung, pirang-pirang jadi korban. Dalah sato bangsa maung, kerud, begu, atawa gajah, teu kurnag reana nu jadi korban. Bugangna bacacar di mana-mana. Aya nu katinggang tatangkalan, aya nu kababuk rurungkadan cadas. Kawantu rek kabur boro-boro kaburu, lantaran meh salegana alas, jadi lahan tutunggalan.

Najana papak kuda papasangan, munding sakti rarakitan, buhunan lanceuk, lila-lila Subali mimiti katingal unggul. Sababaraha kali Sugriwa kapalingan tampilingna. Kabongohan cabok lanceukna. Untungna teu ngalaman katurelengan. Pohoi naker kaler, kidul, kulon. Bubuhan duanana sarua terah Resi Gotama.

Sri Rama nu majar manusa titisan dewa, lambang kaadilan alam dunya, sakali ieu mah kudu ngalaman salah lengkah. Ponteng teuing ka nu koneng, ceueut teuing ka nu hideung, gampang-hampang mentang jamparing petingan, sasat ka jelama tanpa dosa. Malah henteu wawuh-wawuh acan. Abong raga-badagna tunggal manusa. Teu weleh keuna ku owah gingsir. Kudu bae ngalakonan laku salah.

Dalah Hyang Jagat Dewata, Hyang Guru Otipati, sakedapan ngaraos hemeng. Naha Sri Rama gampang pisan kapangaruhan. Kurang asak tinimbangan, kawas lain terah Wisnu. Namung, saparantos diaji deui, anjeunna sadar. Mahluk naon nu teu keuna ku robah. Dalah harkat dewa, teu mungguh. Buktina rea temen dewa-widadari, kapaksa nandangan hukuman. Diusir ti Kahyangan, diturunkeun harkatna, disaruakeun jeung manusa.

“Naha kalakuan Sri Rama kitu?” teu katingal kureunyungna, Hayng Narada Kabayan Dewa, terang-terang aya payuneun Dewa Guru.
“Nya eta tuh…” walerna.
“Naha bade diantep bae?”
“Ari tos kedah kumaha?”
“Nya matak naon urang harewosan, sugan Wisnu gancang sadar.”
“Namung nasib-takdir Subali parantos aya seseratanana. Tamaha bongan sorangan ongkoh.”
“Kitu onaman moal bade ngalalangkungan,” Hyang Panji Narada amit mungkur. Leos ngantunkeun deui Karaton Jonggringsalaka.

Cukup ngabandungan caritaan Anoman, Sri Rama langsung yakin kana pilihan lakuna. Balukarna saha nu sanggup nadah kalinuhungan pakarang Wisnu: Subali pejah perlaya. Dadana katiuk jamparing lungsuran dewa.

Subali memang lain jelema sampurna. Warugana wae ampir bleg wanara. Awakna pinuh ku bulu. Nya kitu deui raray kagungan, monyet teu dipiceun sasieur. Ana sasauran tara kendat dibarung ku cekrah-cekroh. Tapi, saperti Anoman, iwal wujud warugana, Subali hiji manusa. Malah lian ti jadi raja, ngindung kana kasakten jeung sisifatanana, ku dewa dipaparin gelar Resi: Resi Subali.

Mun tea mah aya kakurang Subali, gurat batu teuas hate, sok dapon ngarasa bener. Sakalina boga tara beunang dihalang-halang. Kanjat disingsieunan harianeun. Ku naon kutan, jirimna manjing wanara. Bleg monyet meh teu dipiceun sasieur. Padahal meleg-meleg putra pandita, turunan widadari ti Kahyangan.

Caturkeun Resi Gotama, kagungn putra tilu, dua pameget, hiji deui si bungsu, kaleresan istri. Nu pameget nya eta Raden Guwarsa jeung Guwarsi. Ari nu istri dipaparin wasta Dewi Anjani. Kawantu tuang ibu, widadari lungsuran kadewatan, jenengan Dewi Indradi, nu pameget karasep si bungsu nu istri harianeun. Geulis beh ditueun geulis.

Continue reading Lalakon Subali