Struktur Adegan Pagelaran Wayang Golék


wayang golek

Struktur atawa runtuyan pagelaran wayang Golék sacara umum biasana saperti ieu di handap (Salmun, 1986: 185-190), nya éta:

1) Tatalu. Asal kecapna tina talu nu hartina ngamimitian (bubuka) nabeuh gamelan wayang ditembangan ku Juru Sindén, nu tujuanana pikeun ngumpulkeun heula nu lalajo (Danadibrata, 2002: 684). Dina waktu tatalu, dalang naék-naékeun sawatara wayang kana jagat. Jejer nu mimiti disebutna manggung, waktuna bada Isa.

2) Manggung. Biasana dalang nyokot salasahiji jejer, upama baé di Astina, di Amarta, atawa di Dwarawati. Nya di dieu mimitina mangkat téh, dalang ngawangun pilakoneun, upamana baé; rék ngalamar, rék ngawinkeun, rék nyusul nu leungit, rék nyiar tumbal nagara atawa naon baé.

3) Kadatonan. Raja anu tadi magelaran (tapa) téh balik ti paséban ka karaton. Biasana Prameswari katut para garwa sok dipaparin terang putusan séba tadi. Ti dieu Sang Raja kacaritakeun lamun aya hal nu pohara parnana, sok indit ka panyepén muja (semédi). Ku sawatara dalang ieu hal sok diliwat, dianggap henteu penting.

4) Gempungan. Kacaritakeun di luareun paséban ngatur pilakueun indit, ngajalankeun putusan di paséban tadi. Lamun bada magelaran, pamingpin di éta nagara ngatur sakumna para baladéwa jeung prajurit éta nagara luyu jeung hasil mupakatna.

5) Di nagara séjén. Biasana ratu buta, magelaran ngabarempagkeun anu cara putri anu kauni dina adegan II (Manggung) di luhur. Biasana sok tuluy ngutus patihna.

6) Patih ngatur balad. Ka nagara anu rék dijugjug téa, dipingpin ku salasaurang patih. Biasana buta pangkat tumenggung ngaranna téh sok maké “Kala” atawa “Jaya”.

7) Di pagelaran séjén. Lamun nu dina adegan II (Manggung) jejer Astina, ayeuna jejer Amarta atawa sabalikna, anu maksudna cara adegan II jeung adegan V (di nagara séjén).

8) Tatan-tatan, maksudna cara dina adegan IV (gempungan) jeung adegan VI (patih ngatur balad), malah biasana mah ku dalang sok diliwat baé, tara ngatur barisan deui, tapi dianggap enggeus.

9) Di Pringgandi. Sanggeus éta tokoh wayang diwurukan ku guru, pamingpin (raja) atawa indung bapana, tuluy sok dititah ngumbara ka hiji nagara.

10) Ibing Purabaya. Sanajan henteu patali jeung lalakon tapi geus jadi kabiasaan dalang sok ngigelkeun hiji tokoh wayang.

11) Perang gagal atawa papancal, nya éta amprokna satria nu jadi lalakon jeung patih buta téa atawa jeung balad nu kasebut dina adegan IV atawa adegan VI. Biasana patih buta éléh, tuluy mabur. Biasana dina perang kieu mah tara aya nu paéh ngan mun éléh téh sok langsung lalumpatan baé.

12) Méngkolna carita, nyaritakeun hiji tokoh satria di patapan. Lebah dieu biasana tengah peuting, mangsana Semar, Cépot, jeung Dawala barijil.

13) Perang kembang. Nya éta amprokna satria katut pangiringna nu di patapaan téa jeung balad buta anu kalabur (adegan XI). Balad buta diamuk ku Cépot jeung Dawala. Langsung turun luluguna, satria nu geus tapa makalangan, tapi para tumenggung buta henteu kuat ngayonan éta satria. Ari kuduna mah aya nu paéh, nu hirupna ngan saurang, tuluy kabur. Maksudna Ki Dalang nya éta sangkan engké kasubuhnakeun bisa kaperangkeun deui ngarah ramé.

14) Tepung kasoran. Tumenggung nu éléh ku satria téa baralik deui ka nagarana.

15) Amprok. Satria nu geus tapa jeung para pangiringna téa biasana amprok jeung tokoh satria séjén.

16) Marek. Eta tokoh satria nyaritakeun kasorang ku guruna atawa ka para tumenggung raja.

17) Tepung utusan. Amprokna utusan ti nagara A jeung utusan nagara B di hiji tempat. Ngawayang lebah dieu biasana geus janari gedé.

18) Perang. Lantaran tokoh A (jahat) tetep keukeuh kana kahayangna, nu séjén milu panas nepi ka garelut. Biasana pada boga sanghareupeun anu kira-kira sapantar pangkatna jeung élmuna.

19) Buta balik. Patih jeung Tumenggung buta téa ngadeuheus ka raja buta nerangkeun lalakonna. Raja buta bendu tuluy mepek balad, tuluy arindit ka tempat lebah ngumpulna éta satria nu jadi lalakon téa.

20) Tepung Sabrangan. Nya éta amprokna raja buta jeung satria. Raja buta meredih supaya éta satria daék ngalaksanakeun paméntana (nya éta nu jadi marga lalakon téa, upamana baé: putri nu dipikahayang, jimat nu jadi panayogyaan, atawa naon baé).

21) Perang buburuh. Nya éta perang antara satria jeung buta, disebutna perang buburuh sarta buta-buta téh sok paraéh. Perangna téh perang tandingan (sapantar harkat jeung élmuna).

22) Wekasan. Nya éta ngariungna para satria nu jadi lalakon éta jejer.

23) Tanceb Kayon Kebojiro.

Conto anu ditataan ti adegan I nepi ka adegan XXII téh dicokot sacara umumna pagelaran wayang Golék. Sanajan kitu, robahna ngan hiji dua baé, sarta ngarobahna ti semet adegan XII, jadi kira-kira tengah peuting, kitu gé ari namatkeun mah angger kudu adegan XXI jeung adegan XXII baé.

By Nano Sutrisno

About these ads

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s